Selasa, 15 Maret 2011

KATINEUNG

By : Yayan Jatnika

Girimis nu jadi saksi
lalakon urang duaan
Waktu urang babarengan
Ngalepas kasono ati
ngaleupas katineung asih

Kiwari tinggal waasna
Mun nyawang mangsa katukang
Meungkeut janggji rek ngajadi
hanjakal henteu ngajadi
Jodomah kagungan gusti.

Chorus:
Saliwat anjeun asa nembongan
Ngalangkang mawa kamelang
kabayang anjeun imut ngaheureuyan
Nganhanjakal saukur kalangkang

Najan ayeuna urang geus paanggang
Najan janji pasini teu ngajadi
Tapak tilas lalampahan
Urang duaan masih narembongan

==================================================================================
DISCLAIMER: adalah hak cipta / hak milik dari pencipta lagu dan label musik yang bersangkutan. Lirik Lagu cuma disediain disini buat keperluan evaluasi. Suka lagu ini? Beli kaset atau CD-nya buat ngedukung penyanyinya (Jangan yang Bajakan..ya..)

===================================================================================

Tidak ada komentar:

Posting Komentar